Search This Blog

Antara



__________________________________

Sampurasun.

Puji syukur maparat ngembat ka Pangeran Nu Murbeng Jagat.
mugi muwuh ka Kangjeng Rosul sadaya Salam miwah Sholawat.

bagea ka sadaya Baraya, mugi lingsir galih leah manah
teu merod jonghok sareng sim kuring.
kuring tumorojog ngajongklok-jongklok tagog,
taya lian ku lantaran gede hate gilig pikir hayang pipilueun icikibung
ngareuah-reuah Dinamika Aksara Sunda.

ku dirilisna Wanda Anyar Aksara Sunda ieu, jauh tina kereteg
hayang agul ku payung butut
jajauheun rek nyanyahoanan ka para Inohong
tur para Pakar Kasundaan
bari ngamomorekeun naon rupa Pakem tur Ageman
dina Wangun Aksara Sunda anu sajati tur saestu.

alus mah henteu, lumayan batan nundutan.
sasieureun sabeunyeureun mugia blog ieu
mere omber ngemrat mangfaat pikeun baraya
tur balarea nu mitresna Sunda.

nu butuh wilujeng ngunduh, nu ijid teu kudu indit... heu-heu :)


salam baktos.


No comments:

Post a Comment